Contoh Naskah Pidato Terbaru – Biantara Basa Sunda Tema Internet


Pidato Bahasa Sunda | Hikmah Puasa Jeung Kasantunan



Yüklə 120,31 Kb.
səhifə4/5
tarix07.04.2018
ölçüsü120,31 Kb.
#47416
1   2   3   4   5

Pidato Bahasa Sunda | Hikmah Puasa Jeung Kasantunan


ssalamu’alaikum Wr.Wb

Loba manfa’atna nu bias dibeunangkeun jeung sakabeh muslim ti ibadah puasa. Salah sahijina, jeung media ngalatih kasantunan jeung berimokrasi sapopoe jalema muslim nu hayang ngajaga kamurnian puasana wajib ngangembangkeun. Cara berinteraksi nu sopan. Baik jeung tutur kata, canda atawa tingkah laku bahkan jeung jalema nu ngangsarikeun, sakalipun anu sakabeh jalema anu keur puasa “ Sabda rosulullah SAW” anu aya nu mari atawa nyangserikeun, gewatlah abdi ngomong (ma’af) abdi keur puasa (HR. Bukhori jeung Muslim).

Kasantunan kawas kitu rek ngadampak gede jeung pribadi anu bersangkutan atawa jalema anu ti sakitarna abdi erek ngabuat jadi pribadi anu indah. Allah swt nurunkeu, dua kaindahan umumna jalema kaindahan fisik jeung kepribadian umumna jalema gampang kagoda ku kaindahan fisik, lamun kaindahan fisik leungit kesan anu tingkah laku jeung omonganana kasar, di deuleuh kasantunan jadi factor kunci ngawujudkwun pribadi nu indah.

Sasungguhna Allah swt ngabere (kautamaan) jeung kasantunan nu teu di berekeun jeung sifat-sifat nu lain (HR. Muslim)

Ti kesempatan lain Rasulullah SAW bersabda :
Sasungguhna ka santunan teu melekat ka pribadi atawa parhiasan, jeung teu kacabut atawa jeung aib. (HR. Muslim).

Kadua kasantunan bisa ngabentuk sakitar kita, loba sahabat anu beunangkeun hidayah saenggeh, nyaksikeun pribadi Rasululloh SAW, nu santun, diantaranana : Tsumamah bin atsal RA jeung zaid bin sa’anah RA. Katilu kasantunan adalah pelindung hati ti noda jeung panyakit kalbu nu perlu di sadarkeun katika ngomong kasar jeung nyumpahkeun sabenerna kita teu keur ngarugikeun jalema lain. Tapi nganodakeun hati sorangan, ngotorkeun kanggo kekerasan serta ngajadi keras “ sasungguhna Allah swt maha santun ti sagala hal (HR. Al Bukhori).

Samoga puasa ieu bisa meletakeun etos kasantun ti sapopoe kita sahingga menjadi hamba-hamba nu di sukai Allah swt, sabab ti sabuah hadist di sebutkeun apabila Allah swt suka hambana, maneh erek ngaruniakeun kasantunan (HR. Muslim jeung Abu dawud)

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.


Pidato Bahasa Sunda | Iman Kana Kodo dan Qodar


Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin..

Hadirin anu dipikahormat !


Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja
Anu hartosna :
“ saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”

Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum…


Manfaat Iman Kana Qodo sareng Qodar

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka dzatna anu maha suci anu maha mantena, parantos masihan mangrebu-rebu kani’matan terutamina ni’mat iman sareung ni’mat islam, teu hilap oge solawat sareng salam urang sanggakeun ka junjungan Nabi Agung Muhammad SAW, ka kaluwargina sareng ka sobat-sobatna oge ka para tabiin tabiatna anu ka Allah di mulyakeun.

Ka bapa sareng ibu guru anu simkuring di dipikahormat oge teu hilap ka para siswa sareng siswina anu ku simkuring di pihormat sareng mugia ku Alloh di mulyakeun….Aminn…, ngadegna simkuring ieu teh di payun bade pidato sanes bade mimbar atanapi dakwah, langsung wae simkuring bade pidato anu insya Alloh nerangkeun atanapi nyarios masalah qodo dan qodar.

Sadaya umat muslim anu iman wajib, iman kana qodo sareng qodar Allh swt, iman kana qodo dan qodar ngandung mangpaat anu seueur ka urang sadayana. Di antawisna mangpaat iman kana qodo sareng qodar nyaeta tiasa ngokohkeun iman sareng takwa tiasa nyadar upami sagala kajadian di dunia sareng di aherat tos di di tentokeun ku Alloh swt. Ti jauh-jauh haritana nyana iman qodo sareng qodar tiasa numbuhkeun kateguhan hate sareng ka sabatan, aya na musibah tur rintangan anu tiasa di hareupan ku mangrupa katentuan-katentuan Allah swt.

Iman kana qodo sareng qodar tiasa numbuhkeun rasa iklas tiasa narima sagala katentuan ti Alloh swt sareng tiasa ngadorong kana ka sukuran ti Alloh swt upami usahan tiasa hasil, upami tiasa nyadarkeun kana ka berhasilannana ka mangrupa karunia ti Alloh swt, kaimanan qodo sareng qodar tiasa ngafdorong tina sikap tegar, sabar, sareng heunteu putus asa, di antawisna upami usahana gagal, kagagalan dina usaha sabenerna tos di catet ku Alloh swt ti zaman azali.

Mung sakitu pidato ti simkuring, mugi-mugi aya mangfaatna,salah leresna di tawakup nu sa agung-agungna.



Hukmah Iman ka Kitab-Kitab Allah

Asslamualaikum.Wr.Wb


Bismillahirohmanirrohim.

Wabihi nastainu ala umuri dunya wadin wasolatu wasalamu ala asropil anbiyai walmursalin wa’ala alihi wasohbihi ajamin… Ammaba’du

Pertama-tama mangga urang sadaya panjatkeun puji sinareung syukur ka hadirot Allah swt anu mana dina dinten ieu urang tiasa kumpul dina pertempatan ieu, nu salajeungna sholawat sareng salam mangga urang sadaya curahkeun ka junjungan urang sadaya Nabi Besar Muhammad SAW, serta para shohabatna, para ulama, para pengikutna, kangge urang sadaya tetep janten umat anu masih taat dina ajarana, amin ya robbal alamin.

Dina kaempatan ieu urang bade ngabahas tentang iman ka kitab-kitab Allah swt, pengertian tina iman ka kitab-kitab Allah nyaeta urang yakin sapinuh hate bahwa Allah swt nurunkeun kitab-kitabna ka para rasul-rasulna lewat malaikat jibril, kana dijadikeun pedoman hirup urang sadaya jeung ngabedakeun mana anu hak jeung mana anu bathil. Kita Allah nyaeta pedoman hirup manusia nu bakal ngacapaikeun kabahagiaan dunya sareng akhirat jeung mikeun kahartos antara anu hak sareung anu bathil nu halal sareung nu haram, diperlukeun nyaeta Al-Qur’an.

Kitab suci urang salaku umat islam nyaeta Al-Qur’an. AL-qur’an nyaeta kitab suci nu diturunkeun ka Nabi Muhammad SAW sakaligus nu terakhir di turunkeun ka dunya. Dijelaskeun dina surat Al-Baqarah ayat 2 nu hartina :
Al-Qur’an nyaeta panerangan kana jalmi-jalmi nu takwa ka Alloh swt. Hikmah serta manfaat iman ka kitab-kitab Allah SWT diantarana nyaeta nentramkeun batin, merenyano kana umat-umat jaman baheula, bias ngabedakeun mana anu hak sareung petunjuk ngacapai kabahagiaan dunya jeung akhirat.

Kadua waktuna terbates tos sakitu heula ti abdi upami aya kasalahan mohon hampura, upami aya nu teu kahartos pek resepekun di jero hate.

Wassalamualaikum Wr.Wb.
Panghulung Kalbu

Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Kepala sekolah SMPN 2 Leuwimunding, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan sinareng adi-adi kelas abdi, anu kusimkuring di pihormat.

Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina
“ COBAAN ATAWA UJIAN “

Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :


1. Ujian anu manis
2. Ujian
- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta nikmat ti gusti Allah contona : Pa Udin jadi jalema anu dipikihormat ku sabab anjeunna kaya, gaduh mobil anu berkilat sahingga istrina oge 4
Subhanallah
- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah contona : Pa Dayat gaduh kaluwargi, kanggo nganafakahan kaluwargina hese.
Jadi kasimpulanan :
Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ?

Maksadna ayat Al-Qur’an dijelaskeun :


Upami urang syukuran ka nikmat Allah maka bade nambihan nikmat tersebut. Tapi sabalikna, upami kufur ka nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna.
Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar.
Nabi bersabda :

Sabar eta sabagian tina iman


Sareng Allah ngadawuh :

Allah seneng ka jalma-jalma ani sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.


Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.
Hapunten bila aya kalepatan….
Pidato nyambut dina mieling hari Kesaktian Pancasila

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Para saderek sadaya nu sabangsa jeung saperjuangan anu dimulaikeun.

Dina kasempetan ayeuna rupina urang sadaya bangsa Indonesia nuju mieling Kari Kesaktian Pancasila anu ngarupikeun falsafah nagar jeung pandangan hirup bangsa.

Naon pangna dina dinten ieu 1 Oktober dosebat hari Kesaktian Pancasila? Memang upama ku urang ditalungtik ti kawit dicetuskeunnana kadaulatan bangsa jeung nagara urang Republik Indonesia, seueur pangalaman sareng rupi-rupi halangan sarta ancaman anu tujuanana ngarongrong jeung kasatuan bangsa anu hakekatna ngarupikeun bagian tina Pancasila, maksud=maksud anu goring anu haying nyoba-nyoba ngarebut sareng ngaganti falsafah nagara pancasila ku komunisme tiasa digagalkeun.

Upama urang nalungtik tina lahirna Pancasila, pancasila ngarupakeun hasil rumusan nu parantos ngancik dina jiwa sareng budaya bangsa Indonesia, nu digali tina poko-poko pikiran nu suci jeung hate sanubari bangsa Indonesia.

Kumargi kitu layak tur pantes upama Pancasila ngarupikeun poko-poko pikiran, sumber tina sagala hokum, pandangan hirup bangsa. Sarta sabagi ideology sareng falsafah nagara, anu wajib ku urang dipiara, dijaga sarta dilestarikeun.

Urang sadaya masih emut kana peristiwa atawa kajadian taun-taun nu parantos kalangkung, tepatna dina tanggal 1 oktober 1965, parantos dilakukeun gerakan pembasmian secara operasional anu dipimpin ku Letjen Suharto salaku Komandan Operasional Pemulihan Kaamanan kalayan dibantu ku segenep kakuatan masyarakat anu mertahankeun kadaulatan nagara jeung Pnacasila, tina terror anu ngaku dirina Gerakan G 30 S/PKI.

Gerakan Operasional eta hasil kalawan sukses, sahingga kadaulatan nagara tiasa disalamatekeun sarta tetep ngadeg di atas Dasar Pancasila sabagi falsafah nagara.

Kumargi kitu anu salajengna dina tanggal 1 Oktober, diabadikeun sabagi Hari Kesaktian Pancasila.

Sangkan teu ka alaman deui kajadian anu pait eta, nu usahapikeun ngargragkeun kadaulatan nagara jeung falsafah Pancasila, mangka dina kasempetan ieu, urang sabage bangsa Indonesia mangga urang sami-sami usaha, nalaah jeung ngamalkeun sacara murni jeung konsekwen, Sepertos nu nuju digalkeun ku ayana panataran-panataran P$, kalayan rupa-rupa carana nu diayakeun ku pamarentah. Sabab upama jiwa Pancasila eta geus bener-bener nyerep dina pribadi urang, mangka ieu bakal ngarupakeun tameng anu tangguh pikeun ideology lain anu rek usahangamangruhan atawa ngarongrong diri urang pikeun nurutkeun pangaruhna.
Pancasila eta ku urang sadaya kudu diamalkeun, pon kitu deui ajak kulawarga urang sangkan bener-bener jadi kulawrga anu Pancasilais sajatai. Nya ieu pisan saestuna anu jadi puncak tina cita-cita proklamasi, anu bener-bener bakal ngawujud sakumaha anu cita-cita ku urang sadaya nyaeta “BALDATUN THAYYIBATUN WARABBUN GHAFUR”, ngawujud masyarakat adil jeung ma’mur berdasarkeun Pancasila kalayan kenging pangampura ti Allah swt.

Mudah-mudahan Allah SWT. Salamina ngalimpahkeun rahmat sareng karuniaNa, sareng mudah-mudahab ngaijabah kana saniskeun cita-cita sareng harepan bangsa Indonesia.


Amiin!

Wasslamu’alaikum Wr.Wb


Pidato Bahasa Sunda | Ngesian Kamerdekaan

assalamualaikum wr. wb.

kapayuneun bapak kepala sekolah anu ku sim kuring di pihormat,
kapayuneun para bapak ibu guru anu sami ku sim kuring di pihormat
oge teu hilap k para rerencangan siswa-siswi smun 1 sukabumi anu di mulyakeun ku alloh.

alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 65.

peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang karandapan.

ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun perjuangan para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna kahirupan bangsa indonesia di zaman anu bakal datang.

sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi sadaya, hayu urang sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu mangfaat.

rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah kirang -kirang ngahapunteun wabillahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pendidikan

URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKAN


PIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN DIAJAR 12 TAUN

assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh


Sampurasun…..
Déwan yuri anu ku sim abdi di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh di ieu tempat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim abdi di pitresna.

Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha Ghopur tur mihéman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah poék deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu unggut kalinduan teu gédag kaanginan.

Sholawat salam nu jadi panguat rasa tilam katresna, mugi tetep dilélérkeun ka kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana.

Dina kasempetan nu saé ieu dina raraga lomba biantara sunda 6 taun, sim abdi badé ngabantun judul “Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun Suksésna Kawajiban di Ajar 12 Tahun”.

Déwan yuri nu ku sim abdi di pihormat,
Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kanggé urang sadayana, milari élmu téh dianjurkeun ku agama boh kupamaréntah, sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh “jalmi nu gaduh élmumah calikna pangpayunna, lohokna pang panjangna iketna pangrubakna”.

Taun ajaran énggal ayeuna nu badé kasampeur, mangrupikeun salah sawios tatapakan nu énggal pikeun seuweu-siwi tatar galuh Ciamis, pikeun neraskeun sadaya nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal, boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal ka sakola lanjutan tingkat luhur,


Déwan yuri nu ku sim abdi dipihormat,


Jawa Barat nu di sebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti beh dituna kénéh wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF. Dina kamandangna “long life education” nuntut élmu téh sapanjang hirup, sepuh pini sepuh urang tos ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo, sateuacan aya program kawajiban diajar 9 tahun ayeuna rek diundakeun jadi 12 tahun sepuh pini sepuh sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dina wanda kawih, sisindiran, paribasa atawa babasan.

Dina rompaka kawih anu kieu unggelna:


Néléngnéngkung Néléngnéngkung
Geura gedé geura jangkung
Geura sakola sing julung
Sangkan jadi jelma luhung

Néléngnéngkung Néléngnéngkung


Geura gede geura jangkung
Mun hidep pareng geus luhung
Poma ulah rek adigung

Filosopis dina wanda kawih diluhur écésna jéntré, urang sadaya kudu sakola nyuprih élmu, bari jeung lamun parantos gaduh élmu teu adigung adiguna.

Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna.

Aya manuk dina pager


Na sukuna aya bola
Lamun urang haaing pinter
Kudu getol kasakola

Baju kutud heureut pola


Dikelin teu dijalujur
Lamun teu cucud ka sakola
Arisin balik kalembur

Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola sabalikna mun urang teu junun kasakola bakal isin balik kaleumbur.

Déwan yuri nu ku sim abdi dipihormat, Bapa kalih Ibu anu sami rawuh ditempat, ogé réréncangan saperjoangan nu ku sim abdi dipikatresna,
Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyupri élmu dina salah sawios hadits nabi Muhammad saw.
Hartosna : Nyuprih élmu téh wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawit na kandungan dugi ka alam kubur.

Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan “elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarnya”.

Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sanés mung ukur nyuprih élmu wungkul tapi biayana gé kudu disiar, mun pareng geus linuhung ku élmu kudu siger tengah.
Kumargi kitu hayu urang sukséskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong program pamaréntah supaya sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer insya allah moal kabalinger.
Pamendak pitutur sepuh urang sunda, luyu jeung agama diarigama, pamungkas:
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya akhérat

Cag, wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh


Contoh Pidato Sunda | Paturay Tineung Ti Wawakil Osis

Biantara Paturai Tineung ti Wawakil OSIS (Adik Tingkat)

Bapa Pupuhu sakola SMP Pasundan Banjar anu kusim kuring dipihormat
bapa Pupuhu Komite SMP Pasundan Banjar nu kusim kuring dipihormat
bapa sareng ibu guru SMP Pasundan Banjar nu kusim kuring dipihormat
bapa sareng ibu para sepuh murid-murid anu kusim kuring dipihormat
sadaya rerencangan tikelas tujuh dugi kakelas salapan anu kusimkuring dipikanyaah tur dipikacinta

assalamu'alaikum wr wb


langkung tipayun hayu urang munajat ka gusti allah ngucapkeun syukur alhamdulillah , kusabab gusti alloh parantos maparinan nikmat anu seueur ngajungjurung urang kempel ditempat ieu kalayan salamet

sim kuring ngahaturkeun mangrebu-rebu nuhun kasadayana anu parantos tiasa sarumping ka ieu patempatan

rupina dinten ieu parantos cunduk kana waktu nu rahayu ,nitih wanci nu mustari jalaran akang sareng teteh kelas salapan parantos tiasa ngarengsekeun diajar di Paguron SMP Pasundan Banjar ieu kalayan lulus sareng hasil anu nyugemakeun

teu aya deui pibasaeunana , sim kuring sareng rerencangan sadaya mung ukur tiasa ngahaturkeun nuhun ka sadaya guru anu parantos hese cape ngatik ngadidik sim kuring saparakanca sinareng akang sareng teteh ti kelas salapan dugi ka tiasa ngarengsekeun sakola kalawan hasil anu sae

kaduana kanggo akang sareng teteh sim kuring mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi akang sareng teteh sadaya siang tiasa neraskeun sakola ka paguron anu langkung luhur, sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung ningkat prestasi sareng sagala rupina, insya allah.

pamungkas, sim kuring mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep, anu di dicita-citakeun akang sareng teteh sing laksana tinekanan. Teu hilap Sim kuring saparakanca rai-rai ti kelas tujuh sareng dalapan nyuhunekun dihapunten tina sadaya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.

Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung saurna, neda sihapunten.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr wb

Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung

Assalamu’alaikum wr wb


Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in.
Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan lahir sareng batin, oge kakiatan kanggo tiasa kempel ngariung di dieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tienung sareng pangjurung du’a kanggo akang sareng teteh anu parantos lulus ti ieu sakola.
Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi Muhammad SAW, natrat ka para karabat, para ahli sareng sahabat.

Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, rehing parantos rengse diajar, salami tilu taun, nyukcruk elmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang wajarna upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah.


Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan elmu sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi bae sadaya elmu nu parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang pamuka keur para siswa kanggo nyangking paelmuan saterasna. Panghudang sareng pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saestuna nu langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaeta didikan ti ibu sareng ramana.

Ka sadaya para siswa anu bade ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi hidep sadaya siang tiasa neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung motekar, sabab elmu teh kasakten diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina rengkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adab ka sasama, hade budi someah reujeung darehdeh. Rengkuh ajrih ka saluhureun, heman nyaah ka sasama, bear bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajenan ku nu lian, anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya Allah.


Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunekun dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.
Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung saurna, neda sihapunten.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr
Contoh Biantara Wawakil Siswa Waktos Acara Paturai Tineung

Assalamu’alaikum wr. wb.


Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.
Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.
BIANTARA GUBERNUR JAWA BARAT
DINA ACARA RAPAT PARIPURNA ISTIMEWA DPRD KOTA BOGOR
RARAGA MIELING MILANGKALA KOTA BOGOR KA-528 TAUN 2010

Bissmillahirrahmaanirrahiim


Assalamualaikum wr.Wb.
Sampurasun!!

Anu dipihormat Saderek Walikota miwah Wakil Walikota Bogor;


Anu dipihormat : Pingpinan tur Anggota DPRD miwah Unsur Pimpinan Daerah Kota Bogor
Anu dipihormat : Para Pejabat TNI miwah Polri katut para Pejabat Sipil di lingkungan Sekretariat Daerah, Sekretariat DPRD, OPD, Kelurahan serta Desa sa-Kota Bogor;
Tamu uleman anu dipihormat sareng dimulyakan Allah SWT.

PuJi sinareng sukur salawasna urang sanggakeun estu ka Allah nu Maha Agung. Margi ku pangersa Anjeuna urang salalawasna aya dina rahmat, hidayah sareng inayah-Na, tug dugi ka dina dinten anu pinuh kabagjaan ieu urang tiasa manjangkeun silaturahmi dina kaayaan sehat walafiat, pikeun riung mungpulung dina acara mieling Milangkala Kota Bogor anu ka-528. Shalawat sarta salam mugia salalawasna dikocorgolontorkeun ka junjungan urang, Habibana Wanabiyyana Muhammad SAW, ka kulawargana, para sahabat, tyug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu satia dugi ka ahir jaman.

Dina dinten anu pinuh ku kabagjaan ieu, sim kuring salaku pribadi tur asmana Pamarentah Propinsi Jawa Barat ngahaturkeun wilujeng milangkala Kota Bogor ka-528 Taun 2010 ka Walikota Bogor miwah ka sakumna jajaran pingpinan daerah sarta masyarakat Kota Bogor. Harepan urang sarerea, pangeling-eling ieu janten pamecut pikeun pamarentah katut sakumna masarakat Kota Bogor dina ngawujudkeun visi Kota Bogor nyaeta “Kota jasa anu nyaman dibarung ku masarakat madani tur pamarentah amanah.

Dina waktos nu sami, momen ieu oge tiasa dijantenkeun wahana pikeun ngawewegkeun sinergitas antawis Pamarentah Kota Bogor sareng Pamarentah Provinsi Jawa Barat, dugi ka tiasa rempug jukung sauyunan sarta dina waktuna janten entry point pikeun ngahontal masarakat Jawa Barat anu mandiri, dinamis, tur sejahtera.


Sakumaha urang pada uninga, yen Kota Bogor ngapimilik lerak strategis anu padeudeut jeung Jakarta salaku ibukota Nagara. Tempat nu strategis ieu janten hiji kaunggulan anu sacara langsung bisa mangaruhan kana kamekaran perekonomian, utamana dina sektor industri jeung jasa. Salian tina eta, Kota Bogor oge gaduh ajen historis nu luhung. Salah sawiosna nyaeta wangunan sarta tempat-tempat sejenna titinggal jaman kolonialisme anu janten pamincut pikeun sajarawan jeung para wisatawan, naha eta wisatawan domestik atanapi wisatawan manca negara, datang ka kota Bogor.

Luyu jeung kaunggulan katut daya tarik Kota Bogor, bisa dipastikeun bakal mawa kontribusi pikeun ngaronjatkeun perekonomian tug dugi ka ngarojong kana kamekaran anu dipihareup, nyaeta ngaronjatna kasajahteraan rahayat Kota Bogor kalayan walatra. Namung, tangtosna wae kedah diperhatikeun dampak negatif tina kamekaran daerah perkotaan, anu ilaharna ngadatangkeun rupa-rupa masalah kependudukan. Masalah eta beuki lila tangtu bakal beuki hese ditungkulanana upama pamarentah jeung masarakatna katut stakeholder lianna henteu boga komitmen anu kuat pikeun rempug jukung sauyunan memeresna. Pikeun memeres masalah anu diuningakeun tadi, tangtungna wae kudu dillakukeun saara komprehensif, salah sahijina bisa dilakukeun ngaliwatan pengaturan tata ruang kota anu hade. Katambah Kota Bogor ngapimilik loba bangunan bersejarah anu kudu dijaga tur dimumule.


Sakumaha urang pada maphum, masalah sarta potensi 26 kabupaten/ kota di Jawa Barat sakitu ragemna. Nya kitu oge masalah sarta potensi Kota Bogor, sapertos anu diuningakeun di luhur. Kulantaran kitu, Pamarentah Propinsi Jawa Barat parantos netepkeun RKPD (Rencana Kerja Pemerintah Daerah) taun 2010 jadi dokumen rencana operasional pangwangunan taun 2010, dumasar kana isu-isu strategis sarta pamarekan kawilayahan, anu saterusna difokuskeun kana program jeung kagiatan pikeun ngahontal 9 (salapan) tujuan babarengan common goals jeung non common goals.


Kaitana sareng hal eta, ditetepkeun tema pembangunan Jawa Barat taun 2010, nyaeta: “Mewujudkan satu kesatuan pembangunan Jawa Barat yang bermutu dan akuntabel, dalam rangka pencapaian Jawa Barat yang mandiri, dinamis dan sejahtera”. Implikasi strategis anu dipihareup dina tema pangwangunan ieu nyaeta ngaronjatna partisipasi jeung kapentingan masarakat sarta stakeholder lianna, naha ti tingkat pusat, propinsi jeung kabupaten/ kota.


Ari nu jadi prioritas pangwangunan Jawa Barat taun 2010 ngawengku hal-hal di handap ieu.



  1. Ngaronjatkeun kualitas atikan, anu difokuskeun kana ngaronjatekun mutu jeung layanan atikan anu walatra

  2. Ngaronjatkeun kualitas kasehatan, anu difokuskeun kana ngaronjatkeun darajat kasehatan indung jeung anak, penaggulangan katut pencegahan penyakit menular, sarta ngabudayakeun hirup bersih jeung sehat

  3. Kamandirian dina pangan, anu difokuskeun kana pasadiaan bahan pangan pokok anu berkualitas sarta tuluy-tumuluy

  4. Ngaronjatkeun daya beuli masarakat, anu difokuskeun kana mekarkeun aneka usaha anu boga nilai tambah, dina raraga nyiptakeun lahan gawe, ngembangkeun modal jeung budaya masarakat digawe

  5. Ngaronjatkeun kinerja aparatur, anu difokuskeun kana ngaronjatkeun pelayanan publik sarta implementasi sistem renumerasi daerah anu berkeadilan, sarta nerapkeun sistem good governance secara konsisten

  6. Penaggulangan bencana, katut pengendalian lingkungan hidup, anu difokuskeun kana usaha ngurangan resiko bencana, utamana banjir jeung longsor, sarta ngamumule tur ningkatkeun legana jeung fungsi kawasan lindung kalayan nyistem

  7. Ngembangkeun infrastruktur wilayah, anu difokuskeun kana ngawangun jalan, ngawangun infrastruktur perhubungan, ngawangun waduk, ngawangun infrastruktur pengendalian banjir, ngawangun jeung ngarehabilitasi daerah irigasi strategis, ngungkulan masalah sampah, sarta ngawujudkeun ruang investasi pikeun ngembangkeun infrastruktur wilayah

  8. Ngembangkeun energi, anu difokuskeun kana ngembangkeun energi alternatif jeung listrik ka padesaan

  9. Ngembnagkeun padesaan, anu difokuskeun kana kamandirian masarakat jeung kalembagaan, dina rancang bangun jeung kasinambungan kaualitas pangwangunan di padesaan

Ngemut kana penting jeung strategisna rencana pangwangunan Jawa Barat taun 2010, ku kituna dina kasempatan ieu sim kuring umajak ka sakumna masarakat katut para stakeholders di Kota Bogor pikeun paheuyeuk-heuyeuk leungeun mere kontribusi pikeun nyukseskeun program pangwangunan Jawa Barat luyu jeung peranna sewang-sewang. Salajengna ka Pamarentah Kota Bogor dipiharep ngiring ngajaga konsistensi, sinergitas, integrasi, efektifitas jeung efisiensi pelaksanaan pangwangunan Jawa Barat, hususna Kota Bogor. Teu aya deui tujuan nu sanes iwal ti pikeun ngawujudkeun kasajahteraan masarakat Kota bogor katut Jawa Barat dina umumna.

Sakita rupina anu tiasa didugikeun dina ieu kasempetan. Mugia Allah SWT salalawasna nangtayungan, maparin rahmat sarta karunia ka urang sadaya. Amin.




“Wilujeng Milangkala Kota Bogor Ka-528”

Billahitaifiq wal-hidayah


Wassalamualaikum Wr. Wb.

Contoh Pidato Sunda | Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén | Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Lalaki

Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén


Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Lalaki

Saleresna mah ieu téh masih kénéh rénghap ranjug. Nembé pisan dongkap, tos dipiwarang biantara. Padahal ari kahoyong mah teras ngagolér, wantuning lalampahan ngajajapkeun calon pangantén téh kacida tebihna, di jalan ogé dugi ka opat dinten opat wengi. Nanging da haté mah kebek ku kabingah, ku kituna, simkuring ngahaturkeun: Assalamu’alaikum Wr. Wbr.

Hadirin anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan,

Alhamdulillah, ku panangtayungan Alloh SWT, dinten ieu urang tiasa riung mungpulung, kanggo langkung maheutkeun babarayaan, manjangkeun tali mimitran, antara kulawarga Bapa H. Among Suryabarata ti Bandung sareng kulawarga Bapa Éméd Latipah ti Kalimatan Timur. Sumuhun, ari sonona mah nataku, da puguh urang téh kasapih ku tebih kahalang ku anggang.

Simkuring asmana pun lanceuk, Bapa Éméd, kapapancénan pikeun sasanggem di payuneun para hadirin. Ari maksadna mah, sakumaha anu diharéwoskeun ku anjeunna sababaraha dinten kalarung, seja masrahkeun putrana, Jang Omad Kadaluwarsa anu gaduh niat ngadahup ka putra Bapa Among, Néng Siti Sapuratina. Sanaos ari awak mah simkuring téh misah ti batur, nya jangkung nya badag nya hideung, nanging dina surun-sérén calon pangantén mah rumaos ngatog kénéh. Ku kituna seja tawakup ti anggalna, bilih aya kecap anu milepas meuntas tina jejer.

Bapa Among ogé tangtos parantos uninga, réhna pun lanceuk, gaduh putra anu sakitu cicingeunana. Duka dusun, duka mémang tos watekna, dugi ka umur 27 téh bangun anu henteu hir-hir begér. Gawéna ulukutek di kamar. Sigana sono kénéh ka buku ti batan ka nu lenjang téh. Atuh puguh pun lanceuk guling-gasahan, inggis ku bisi Jang Omad kumaha onam, malum jaman ayeuna seueur kacarioskeunana. Pun lanceuk mah apan sok togmol pisan: “Naha ari manéh teu hayang boga pamajikan? Kuliah geus tamat, gawé geus boga, umur geus manjing, tapi siga nu euweuh haté ka awéwé,” kitu saur pun lanceuk téh. Ari walerna: “Upami tos aya jodona mah, moal ka mana!”

Ari sataun kapengker, Jang Omad alangah-éléngéh, badé waléh tayohna téh. Cenah geus kaimpleng pibojoeunana, malah geus paheut rék teras ngawangun rumah tangga. Bingah tur panasaran pun lanceuk téh, énggal baé ditalék: “Mana atuh? Cik wanohkeun ka Bapa,”. Walerna téh: “Da abdi gé teu acan tepang!”. Beu! Na ari barudak ayeuna.

Sihoréng simanahoréng, anu dipicangcam ku Jang Omad, nya urang dieu pisan, urang Bandung. Kantenan sesah patepang, wantuning Bandung-Samarinda téh apan kalintang tebihna. Barudak téh wawanohan dina … duh na aya ku hilap, mana Jang Omad? (rarat-rérét) Dina naon cenah, Sujang? Tah, éta, dina internit, aéh na létah téh, in-ter-nét. Teu apal nu kararitu kolot mah. Da éta wé, ka dituna téh maké jeung cutang-céting sagala, terus silih kirim potrét.

Najan jonghokna di dunya maya, tapi apan jodo mah Anjeun-Na Anu Uninga. Bet terus dicukcruk pancakakina, geuning pun lanceuk téh rék bébésanan jeung baraya, atuh sasatna asa diaku dulur. Sumuhun, baraya kasebatna, da papada urang Sunda. Najan pun lanceuk tos 15 taun ngumbara di Kalimantan, nanging ari ka lembur mah angger baé nineung. Bingah, bingah nu taya papadana.

Langkung bingah deui, basa Jang Omad ngajak nganjang ka lemah Sunda, nepangan bébéné dina internét téa. Opat sasih kapengker, alhamdulillah pun lanceuk tiasa jonghok sareng kulawarga Pa Among, anu saterasna ngararancang pikeun ngadahupkeun Jang Omad ka Néng Siti. Henteu lepat tina pirasat, manahoréng anu diimpleng ku Jang Omad téh sanés istri joré-joré. Geulis rupa geulis haté. Sumuhun éta gé, barudak urang téh hirup dina jaman moderén, nanging geuning henteu lali ka purwadaksi, masih kénéh ngajénan adat titinggal karuhun. Buktosna mah, barudak meredih sangkan dina waktuna panganténan téh maké adat budaya Sunda, sanés ku budaya anu jolna ti nagara deungeun. Sanaos Néng Siti sakitu paséhna nyarios basa Inggris, sanaos Jang Omad sakitu hatamna kana komputer, tapi henteu mopohokeun ajén-inajén Sunda. Tah, éta pisan nu matak bingah téh.

Nguningakeun baé ieu mah, pun lanceuk téh, kalebet simkuring, 15 taun kapengker ngumbara ka Kalimantan, ngiringan transmigrasi. Alhamdulillah pinanggih sareng kamarasan, dugi ka ngadegkeun Pakumpulan Urang Sunda, ti dituna mah hoyong ngiring ngamumulé basa sareng budaya bantun ti lembur. Janten teu kedah hariwang, sanaos 15 taun janten urang Samarinda, ari niup suling sareng metik kacapi mah insya Alloh tiasa kénéh. Tuh, pan, bet jig-jig kana kacapi.

Bapa Among miwah Ibu sakalih, kitu deui wargi sepuh sadaya anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan. Tepungna Jang Omad sareng Néng Siti téh, éstuning kersaning Alloh. Atuh cenah éta barudak gaduh cita-cita hayang ngahiji, ari kolot mah apan saukur nyambung ku dunga, asal ulah ngarérémokeun baé, asal duanana pada-pada suka henteu ngarasa diamprok-amprok. Nanging, kangaranan anu rék diajar rumah tangga, tangtos dina émprona téh talag-tolog sareng dirarampa kénéh. Biasana rék ulin ka mana gé taya nu nyaram, geus jadi salakina mah tangtu kasengker ku nu di imah. Biasana duit téh dibéakkeun ku sorangan, geus nikah mah kudu diatur ku duaan. Biasana saré téh … aéh, na bet jig-jig kana saré. Tah kitu Pa Among, simkuring asmana pun lanceuk nyérénkeun Jang Omad téh sanés mung raga badagna wungkul, nanging sareng sadaya kakirangan anu nyampak dina dirina.

Ari haté mah simkuring téh parantos yakin, badé pédé baé, Jang Omad tangtos ditampi ku kulawarga Pa Among di Bandung. Nanging, kanggo langkung ngantebkeun pamaksadan, nya seja nalék sakali deui. Bilih baé, Néng Siti teras ngolémbar, malum pun alo mah sakitu buktosna. Ku émutan, ti batan ngolémbar engkéna, nya mending balaka baé ti ayeuna. Papadaning kitu, simkuring mah percanten ka Néng Siti, moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan.

Atuh Jang Omad, simkuring wantun ngajamin, dugi ka ayeuna masih kénéh ngait ka Néng Siti. Simkuring minangka sepuhna, tangtos isin binarung wéra upama Jang Omad lanca linci. Leres pisan deuih, Jang Omad téh masih kénéh nyorangan, teu acan kantos rimbitan. Dijamin teu aya watek cunihin, Néng Siti téh éstuning anu munggaran, sareng mudah-mudahan deuih janten anu pamungkas.

Simkuring saparakanca dongkap ka dieu, tebih-tebih ti Kalimantan, éstuning teu jingjing teu bawa téh sanés ukur lalambé. Kaémut panginten, kumaha riweuhna. Tadina badé nungtun munding, mung teu kasawang kumaha marabanana, kacipta kalahka begang di jalan. Ngabantun bungbuahan, kuriak buruk mantén. Tungtungna mah ngaligincing. Ongkoh asa kabebereg ku calon pangantén nu bangun teu sabar. Sajajalan téh ngan SMS-an baé, “antosan geulis, sakedap deui,” cenah, padahal nembé jrut ka buruan.

Sakitu panginten ti simkuring mah, bilih waktosna kabujeng teu nyekapan. Hapunten tina samudaya kalepatan.

Wassalamu’alaikum Wr. Wbr

Contoh Pidato Sunda | Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén | Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Awéwé

Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén


Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Awéwé

Assalamu’alaikum Wr. Wbr.

Ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos nyésakeun lolongkrang waktos kanggo simkuring, pikeun sasanggem dina ngabagéakeun kulawarga calon pangantén pameget. Rupina teu aya deui kecap nu langkung anteb kanggo ngébréhkeun rasa bagja jero dada, iwal ti tasyakur bini’mah, ngagalindengkeun puji miwah sukur ka Alloh SWT, anu tos ngalungsurkeun pirang-pirang nimat kanggo urang sadaya; nimat iman, nimat Islam, nimat dipaparin jagjag tur waringkas, dugi ka dina dinten anu sakieu cangrana, insya Alloh urang baris nyakséni ngadahupna Jang Omad Kadaluwarsa ka Néng Siti Sapuratina.

Alhamdulillah, pangersa Bapa Naib ti Kantor Urusan Agama parantos sumping. Mangga Pa Naib, calikna di payun, supados simkuring langkung reugreug. Sumuhun, sabada nyukruk galur pancakakina mah, geuning sareng Bapa Naib téh masih baraya. Kupungkur, simkuring kantos sakulah-sakolih sareng anjeunna di internaat, waktos sasarengan janten murid Sakola Normal. Kulan? Sumuhun, sanés internét, in-ter-naat. Upami ayeuna mah teu bénten sareng asrama.

Ku ditepangkeunana sareng Bapa Naib, asa tambih ngandelan kayakinan, réhna perkawis jodo, pati, bagja sinareng cilaka mah anging Alloh Anu Uninga. Bapa Naib nembé ngaharéwos, saurna, sanajan tos puluhan taun didamel di Kantor Urusan Agama, sanajan tos ratusan kali nyatetkeun anu panganténan, nanging berekah dugi ka danget ieu masih kénéh nyorangan. Kulan? Sumuhun, di dieu saurna nyorangan sotéh, da di bumina mah aya nu ngaréncangan.

Urang kantunkeun heula dongéng Bapa Naib. Badé langsung baé ngawaler patalékan ti sesepuh calon pangantén pameget, bilih aranjeunna gantung dangueun, bilih teu sabar nganti walonan. Mangkaning nembé nyorang lalampahan sakitu tebihna, sageuy upami diulur ku waktu téh. Pa Éméd, kitu deui wargi-wargi sanésna ti Kalimantan, Jang Omad téh seja ditampi, sakali deui, seja ditampi binarung ku kabingahan.

Bapa Emed kalih Ibu, kitu deui wargi-wargi sadaya anu ku simkuring dipihormat,

Sanaos tos aya kedal ucap yén Jang Omad seja ditampi, nanging asa kirang payus upami sasanggem téh dicagkeun dugi ka dieu. Angot nguping sasauran ti sesepuh calon pangantén pameget sakitu ngagebayna. Étang-étang kaul wé ieu mah, ngiring bingah ka nu badé panganténan.

Upami disebat katempuhan buntut maung mah panginten kirang merenah, nanging kamari mah ditataharkeun pikeun biantara nampi calon pangantén téh nya pun lanceuk pisan, Kang Among Suryabarata Kusumah. Nanging sabada diémut deui ku anjeunna, sok inggis ébat dina waktosna. Bilih dumadakan geumpeur, malum nembé pisan badé diajar janten mitoha. Kalih perkawis tos aya babadiamian ti anggalna, upami nu nyérénkeun pangantén katingalna jangkung badag, seja dilawanan ku nu langsip baé. Nya simkuring anu katempuhanana, da rumaos pangbegangna.

Hadirin anu dipihormat,

Simkuring asmana kulawarga Bapa Among, kantenan ngarasa bagja binarung reueus, réhna anu dianti-anti ti kamari, ditungguan ti mangkukna, ayeuna teu burung cunduk. Sumuhun, ari melangna mah nataku, bilih aleutan ti Kalimantan kumaha onam di jalan, mangkaning saurna lalampahan ti Samarinda ka Bandung téh dugi ka opat dinten opat wengi.

Néng Siti mah tos kantenan, guling-gasahan ti kamari kénéh. Bet ngimpleng nu lain-lain cenah, kumaha mun Jang Omad katiruk jajantung ku pramugari kapal cai, dugi ka bolay niatna. Énggal baé dibeberah, masing yakin cék simkuring téh, Jang Omad mah teu aya watek cunihin. Ayeuna mah, Nyai, geus teu jaman ngeleyed téh. Jaman bruk-brak, jaman jujur, henteu sumput salindung. Na ari gantawang téh pun lanceuk nyeukseukan, “Aéh-aéh, naha ceuk saha Akang cunihin, ceuk saha Akang ngeleyed?” kituna téh bari muril-muril kumis.

Sumuhun, seja nguningakeun baé, wiréh pun lanceuk mah ceplak pahang, upami sasauran téh tara didingding kelir. Nu mawi, titip baé ka Jang Omad, teu kénging soak upami engké Pa Among muncereng, da tos kitu pasipatanana. Teu kénging inggis ku kumis, da haténa mah sakitu léahna. Nanging, apan ayeuna mah sanés jaman Si Kabayan, tos kedah teu usum mitoha paséa sareng minantu téh. Sanés kitu, Kang Among? Sanés saurna téh.

Hadirin anu dipihormat,

Kantenan, kawitna mah Kang Among ogé teu kinten hélokna, basa uningaeun Néng Siti gaduh beubeureuh dina internét. Saurna téh: “Teu kaharti ari barudak ayeuna. Naon resepna bobogohan jeung nu teu puguh bungkeuleukanana, piraku rék ngagaléntoran aksara? Jeung nu ngajirim wé atuh Nyai, tuh aya Kang Dian, aya Cep Usman, Jang Dédé, ngan ulah wé ari jeung Ceu Éti mah.”

“Kang Omad téh nyaaheun pisan …” sanggem pun alo.

“Nyaaheun kumaha, tepung gé acan. Weléh teu kaharti ku kolot mah, sakalian wé atuh kawin téh jeung komputer.”

Ah, da kitu geuning pun lanceuk mah.

Nanging, saparantos panjonghok, geuning teu burung ngarepok. Reugreug simkuring téh, najan jodona urang Kalimantan, tapi apan enas-enasna mah apan masih kénéh urang Sunda. Masih kénéh maké basa Sunda. Masih kénéh ngamumulé budaya Sunda. Simkuring panuju pisan kana kasauran sesepuh calon pangantén pameget. Leres barudak téh digedékeun dina jaman anu tos béda, nu disebat modéren téa, nanging reueus naker upami masih émut ka titipan karuhun mah.

Hadirin anu dipihormat,

Pamaksadan Bapa Éméd téh geuning pertéla pisan. Nguping niat anu sakitu ihlasna, sageuy upami simkuring sareng pun lanceuk ngamomorékeun. Perkawis Jang Omad anu magar seueur kakirangan, ah, da apan jalma mah teu aya nu sampurna. Tong boroning barudak anu nembé badé diajar rumah-tangga, dalah anu tos puluhan taun, sapertos simkuring, ari pacogrégan mah sok aya baé. Sawangsulna Si Nyai, eukeur mah ogoan, katambah babarian, belikan, teu sabaran, Jang Omad gé langkung uninga panginten. Hapunten pisan upami Néng Siti kirang pangaweruh dina ngawulaan carogé. Nyanggakeun ka Jang Omad kanggo ngalelempengna.

Sumpingna kulawarga Jang Omad anu magar teu nyandak munding-munding acan, teu janten émutan pikeun simkuring mah. Sanaos tadi ku simkuring katingal aya nu nyandak soang dua jodo. Ku kasumpinganana gé, simkuring tos pirang-pirang ngahaturkeun nuhun.

Mugia sabada diwalimahan, Jang Omad sareng Néng Siti janten kulawarga anu runtut-raut sauyunan. Sing manjang laki-rabina, dipaparin putra anu soléh, geusan ngahontal kabagjaan dunya rawuh ahérat.

Sakitu nu kapihatur.

Billahi taufik walhidayah. Wassalamu’alaikum Wr. Wbr.

Contoh Pidato Sunda | Ngaronjatkeun Kareeus Nonoman an Basa Sunda

NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA


Assalamu’alaikum Wr Wb

Hadirin anu sami-sami linggih,

Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.

Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.

Hadirin nu dipihormat,

Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.

Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.

Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.

Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh “


ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.

Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.

Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.

Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.

Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.

Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.

Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa sunda.

Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.

Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.

Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.

Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.

Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.

Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.

Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.

Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.

Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.

Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.

Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.

Wassalamu’alaikum wr.wb.



Yüklə 120,31 Kb.

Dostları ilə paylaş:
1   2   3   4   5




Verilənlər bazası müəlliflik hüququ ilə müdafiə olunur ©muhaz.org 2024
rəhbərliyinə müraciət

gir | qeydiyyatdan keç
    Ana səhifə


yükləyin